SASAKALA SUMUR CIDEWATA

Sumur Cidewata teh ngarupakeun tempat anu salah sahiji kagunaanana pikeun mandi nurutkeun urang Kampung Lebak Desa Sukamulya, sumur teh mangrupa hiji logak anu aya cinyusuan atawa hulu cai, sebab sumur anu digali mah disebut sumur timba.

Seperti halna di Kampung Lebak Sukamulya, aya hiji pamandian umum anu katelah Sumur Cidewata. Eta sumur ti baheulana sok dipake mandi ku putri di kayangan.

Ceuk hiji carita, jaman baheula aya saurang Paninggaran anu masih jajaka keneh, eta paninggaran teh unggal poe kaluar asup leuweung jeung kebon neangan sasatoaan anu dipikahayang atawa dipikaresep. Lamun geus luntah ti imahna, lila deui ka balik kadang mah bulan-bulan sakapeung nepikeun sataun kakarak balik deui.

Dina hiji poe si jajaka mangkat deui niatna rek neangan manuk keur panggangeun. Sajajalan manehna tatanggahan sugan aya manuk anu ngeunteup dina dahan, tapi tetelah teu aya hiji-hiji acan eta manuk teh, tong boro manuk sorana oge teu aya leuweung teh mani bener-bener tiiseun. Hatena ngagerentes.

“Naha kamarana manuk teh ? biasana loba, bet teu aya hiji-hiji acan, mantak aneh.” Keur huleng-huleng kitu, hawar-hawar ti kajauhan aya sora awewe anu pating cirihil seuseurian bangun anu manggih kabungah.

“Aeh-aeh bet aya sora anu seuseurian. Naha dedengean bae kitu ? atawa sora jurig. Ah.. piraku beurang-beurang aya jurig”.

Kitu ceuk berentes hatena bari culak cileuk neangan ti mana asal sora tea. Keteyep-keteyep manehna keketeyepan. Beuki lila beuki tetela eta sora teh. Barang nepi ka hiji tempat manehna ngintip tina dangdaunan. Tetela ku si jajaka teh katingali awewe gareulis tujuh urang keur marandi.

“euleuh-euleuh…eta geuning aya mojang meni gareulis. Jalma atawa putri eta teh? Keun urang ngintip bae heula “.

Ceuk garentes hatena bari panonna tetep mencrong ka nu keur mandi teu ngicep-ngicep. Lila-lila timbul niat gorengna.

“Mending disumputkeun sampingna, hayang nyaho anu bogana”.

Bari keteyep manehna ngadeukeutan tumpukan baju jeung samping. Ceg wae hiji, kusiwel disumputkeun. Balik deui wae ka tempat anu tadi neruskeun ngintip Nyi Putri nu keur mandi.

Beuki lila beuki sore, mata poe geus tunggang gunung. Eta tujuh putri teh haranjat ti cai, anggeusan meureun marandina teh.

“Rayi urang hanjat yu, tuh tingali geus sore geuning “. Ceuk salah saurang ti ni tujuhan.

“eh.. muhun geuning tos sonten. Mangga atuh urang mulih”.

Barang haranjat, ceg-ceg kana pakean masing-masing, rek dipake. Ari anu saurang mah masih culak-cileuk bae siga aya anu diteangan.

“Aceuk ! anggean Rayi mah teu aya”. cek manehna bari kokotetengan neangan.

“ Piraku Rayi, poho meureun neundeunna”

“Henteu Aceuk ! didieu Rayi nyimpenna” pok na deui

“Enggalan Rayi, panon poe geus rek lungsur” cek Lanceukna bari geleber bae haliber ka awing-awang.

Ki Paninggaran kageteun barang ningali kajadian kitu. Gerentes hatena.

“Euleuh-euleh mana horeng eta teh para putri ti kayangan.”

Bari panon tetep ngawaskeun Nyi Putri anu pada ninggalkeun da leungiteun sampingna tea.

Beuki lila beuki sore, kaayaan alam mulai reprepan, tapi Nyi Putri tacan bisa balik da sampingna teu acan panggih bakating ku kesel jeung sedih, segruk bae manehna ceurik baleulihan.

“ Aduh ! ku teungteuingeun anu nyokot samping teh, mani tega. Aceuk ! kumaha ieu abdi teu tiasa wangsul.”

Ari Ki Paninggaran, ningali kitu mah manehna karunyaeun keteyep, manehna nyampeurkeun, pura-pura rek nolongan.

“ Eh Nyai ! kunaon Nyai teh ? kunaon Nyai nangis ?”

Nyi Putri ngarenjag barang aya anu nanya teh. Manehna murungkut siga anu sieun. Tapi bari jeung sieun oge manehna ngawalon.

“Ieu Engkang, abdi kapoekan didieu teu tiasa wangsul. Abdi pada ngantunkeun ku lanceuk-lanceuk sadaya.”

“Deudeuh teuing Nyai ! kumaha lamun ka saung urang bae ? di dieu mah sieun bisi aya sato galak.”

Gancangna carita, Nyi Putri teh dibawa balik ka imahna Ki Paninggaran tea. Anu saterusna, kusabab Nyi Putri teu bisa balik deui ka kayangan akhirna dipigarwa ku Ki Paninggaran.

Poe ganti minggu, minggu ganti bulan, bulan ganti taun. rumah tangga Ki Paninggaran jeung Nyi Putri ayom tentrem, malah tos dipaparing putra hiji anu dingaranan Ki Sarayuda.

Namun hiji waktu Ki Paninggaran teh rek mangkat moro deui ka leuweung. Ngan satacan mangkat manehna bebeja bari ngawawadian ka garwana.

“ Nyai ! Engkang arek miang heula sing ati-ati di imah. Rawat anak urang sing bener sangkan jaga jadi jalma anu berguna, ngan Engkang nitip mun Nyai rek ngabersihan imah, pomaleuit mah ulah dibersihan. Keun engke ku Engkang.”

“mangga Engkang, haturan wilujeung angkat mugi-mugi ditangtayungan ku Gusti nu Maha Suci” tembal Nyi Putri bari nganteur salakina ka buruan.

Barang Ki Paninggaran geus teu aya Nyi Putri ngahuleng, dina hatena ngagerentes.

“ Na kunaon nya teu meunang mersihan leuit aya rusiah naon kitu Aing mah panasaran, hayang nyaho aya naon kitu dina jero leuit teh.”

Nyi Putri ngadeukeutan deui terus manehna mukakeun panto leuit. Manehna asup bari keukeuteyepan. Barang geus aya di jero leuit manehna culak cileuk bangun anu panasaran. Dina leuit teh pinuh ku tumpukan pare barang ngareret ka juru leuit manehna kaget.

“Ari itu naon anu ngalumbuk dina sela-sela pare?” bari ngadeukeutan kanu ngalumbuk tea. Na ari segruk teh ceurik bari ngarontok kana barang anu ngalumbuk tea.

“Duh Gusti ! geuning ieu samping teh. Kang..Engkang entos tega ngabohong ! kunaon engkang mani tega ka abdi ? “

Nyi Putri kaluar tina leuit bari mawa sampingna tea. Asup manehna ka imah nyampeurkeun anakna anu keur sare tibra dina ayunan bari segruk deui ceurik bangun ti sedih pisan.

“Anaking, niti wanci anu mustari ninggang amangsa anu utama. Ibu kudu balik, kudu ngabeubeus ka Eyang Hidep. Urang teh keudah papisah. Hidep sing bageur, sing anteng, ulang bengal. Mudah-mudahan jaga hidep jadi jalma anu gede gunana pikeun masyarakat.”

Bari celengok orok teh diciuman bangun anu embung papisah. Geus kitumah Nyi Putri dangdan make anggean kaputrian jrut turun ti imahna anu dituju tatangga sabeulah, maksudna arek nitipkeun Ki Sarayuda, anak tea.

“Punten !

“Mangga ! Aeh Nyai, eleuh-euleuh eta geuning mani geus sagaet. Bade angkat kamana Nyai teh ?”

“Nu mawi , Aceuk abdi bade ngarerepot bade nyuhunkeun tulung.”

“Ke…ke….! Aya naon ? Aceuk mah rarewas yeuh.”

“Kieu Aceuk, abdi teh bade wiat pun anak. Engke upami pun lanceuk uih, carioskeun wae abdi teh tos wangsul engke oge anjeuna ngartoseun.”

“Perkawis pun anak upami ti weungi anjeuna nangis hoyong nyusu, candak ka buruan tanggahkeun ka langit.”

Tah, ti harita urang kampung Lebak anu orokna ceurik ti peuting eta orok teh sok dibawa ka buruan tuluy ditanggahkeun ke langit. Anehna orok teh repeh lamun geus ditanggahkeun ka langit mah.

Gancangna carita Nyi Putri tos miang deui ka kahiayang. Ari orok sakumaha pamagah ti Nyi Putri lamun ti peuting sok dibawa ka luar tuluy ditanggahkeun. Rep bae orok teh repeh.

Kacaritakeun Ki Paninggaran mulang ka imahna, nyampak imahna teh kosong. Anjeuna kaget barang dibejaan ku tatangga yen pamajikannana mulang. Atuh segruk bae anjeuna ceurik balilihan bari sasambat ka Nyi Putri.

“Duh Nyai ! mani teung teuingeun. Kunaon Nyai teh ngantunkeun Engkang ! Nyai tega ngantunkeun anak urang Ki Sarayuda. Nyai antosan Engkang ! Engkang rek nyusul Nyai.” Bari ngadakom anjeuna tatalanja rek hiber. Beleusat anjeuna hiber rek nyusul garowanna.

Tah, urut tatanjakna Ki Paninggaran mangrupa tapak suku jeung leungeun aya urutna ngan ka beh dieunakeun duka pedah geus lila kasaeur ku taneuh, duka gugus atawa aya anu ngabongkar eta tapak teh ayeuna mah teu aya.

Kacaritakeun Ki Paninggaran barang nepi ka kahiangan manehna bingung sabab putri anu tujuh tea bet kabeh sarua boh papakeannana lebih sarupana sarua jeung pamajikanna teu aya anu dipiceun sasieureun oge. Barang manehna keur bingung aya anu ngaharewos kana ceulina, ari direret horeng laleur bodas anu bareto pernah ditulungan waktu rek kabawa palid.

“Heh Ki Paninggaran ! ulah bingung, dimana anu taktakna dieunteupan ku kaula, eta teh pamajikan anjeun.” Bari geleber eta laleur bodas teh hibeur, teup enteup dina salah sahiji putrid anu tujuh tea. Atuh gabruk bae eta putrid teh dirontok bari dirangkul ku Paninggaran. Akhirna ti harita Ki Paninggaran teh ngahiji deui hirup ayem tentrem jeung Nyi Putri di Kayangan tea.

Ari Ki Sarayuda sanggeus dewasa boga pamajikan tur boga anak anu dingaranan Ki Madras.

Nepi ka ayeuna oge kuburan Ki Sarayuda jeung kuburan Ki Madras ode sumur Cidewata teh aya keneh, malah sumurna dipake panampian ku masyarakat kampung Lebak Desa Sukamulya.

Sakitu dongeng sasakala sumur Cidewata.

Sumber : Kasdi dan Jajat SB.

SILAKAN BERI KOMENTAR

Temui Kami di Facebook

Statistik

  • 537Dibaca Hari Ini:
  • 1675Dibaca Kemarin:
  • 19935Dibaca Per Bulan:
  • 352450Total Pengunjung:
  • 507Pengunjung Hari ini:
  • 18887Kunjungan Per Bulan:
  • 14Pengunjung Online: